Jaman baheula aya hiji budak pahatulalis, ngaranna Si Buncireung. Manéhna téh geus teu boga indung ogé teu boga bapa lantaran geus
ditinggalkeun maot. Lantaran kitu daharna oge ukur sakapanggihna, kitu ogé lamun aya anu haat méré. Ari pagawéan sapopoéna biasa waé lumrahna budak – ulin.
Najan pagawéan ukur ulin manehna ogée tétéla Si Buncireung téh budak pinter. Sajeroning ulin Si Buncireung sok naheun
bubu – ngala lauk, meureun Si Buncireung sok niténan jalma kolot sok naheun bubu di walungan pikeun ngala
lauk.
Kacaritakeun dina hiji poé Si Buncireung naheun bubu, tapi lain di walungan, ieu ma naheun bubuna dina cileuncang sanggeus raat hujan gedé. Dina pikirna sugan waé loba jelér atawa tumras nareureus ti wahangan. Sanggeus sabaraha lila éta bubu ku Si Buncireung ditéang tuluy dijait, barang diilikan horéng anu asup kana bubu téh lain lauk jelér atawa tumras, tapi anak anggay-anggay. Ceuk pikirna “keun waé anak anggay-anggay ogé keur batur ulin”.
Kacaritakeun dina hiji poé Si Buncireung naheun bubu, tapi lain di walungan, ieu ma naheun bubuna dina cileuncang sanggeus raat hujan gedé. Dina pikirna sugan waé loba jelér atawa tumras nareureus ti wahangan. Sanggeus sabaraha lila éta bubu ku Si Buncireung ditéang tuluy dijait, barang diilikan horéng anu asup kana bubu téh lain lauk jelér atawa tumras, tapi anak anggay-anggay. Ceuk pikirna “keun waé anak anggay-anggay ogé keur batur ulin”.
Keur anteng ulin, sok anak
anggay-anggay téh diteundeun dina luhur batu lémprah, crub bubuna ditaheunkeun deui kana cileuncang. Teu
ku hanteu barang Si Buncireung keur ngancrubkeun deui bubu ari cok téh anak anggay-anggay dipacok hayam.
Si Buncireung ngahuleng, handeueul, hatena sedih – asa kaniaya. Saterusna Si
Buncireung néangan nu boga hayam, rék ménta ganti. Nu boga hayam kalahka ngambek malah ngajak ka Raja. Maksudna ménta putusan saha nu salah?
Waktu keur ngariung antara Si
Buncireung, nu boga hayam, jeung Raja, ngong aya sora hariring tan katingal.
Kieu pokna:
Cir cir, budak buncir,
naheun bubu di cileuncang,
meunang anak anggay-anggay,
si anggay dipacok hayam.
Hayam gantina.
Raja pok ngawalon, mutus perkara, “kadéngé ku saréréa, yén anu boga dosa
téh hayam, nya wayahna hayam anu kudu jadi gantina!”
Si Buncireung atoh kacida
mireng putusan Raja kitu téh, najan dina haténa mah angger asa nyaah ka anak
anggay-anggay. Éta hayam dikékélék waé, dibabawa ka ditu ka dieu, dibawa ulin
bari angger naheun bubu mah teu eureun. Laju hayam téh dibawa ka saung lisung –
sina milu nyatu, macokan bangsal anu ngaracleng tina panutuan. Naha atuh barang
hayam keur anteng macokan bangsal anu pabalatak, “gejret” téh hayam katinggang
halu anu karék disarandékeun kana bilik saung lisung. Halu anu disarandékeun ku
si ema-ema ngagéréléng terus ngaguprak, pas nenggel kana hayam Si Buncireung.
Teu kira-kira wé sedihna, nalangsa ari ras hayam kameumeut gaganti anak
anggay-anggay paéh sapisan katinggang halu. Ari dipénta haluna ka Si Ema - anu
bogana, jawabna téh cenah “Ujang kapan éta téh banda Ema anu ngan hiji-hijina.
Kumaha atuh?”
Saterusna Si Buncireung jeung
Si Ema – nu boga halu, baradami rék ménta kamandang ti Raja.
Sarua jeung ti heula barang
keur ngarariung téh ngong deui aya hariring tan katingal. Kieu pokna:
Cir cir, budak buncir,
naheun bubu di cileuncang,
meunang anak anggay-anggay,
si anggay dipacok hayam,
si hayam katinggang halu.
Halu gantina.
“Kadéngé ku saréréa, yén anu
boga dosa téh halu, nya wayahna halu boga Si Ema anu kudu jadi gantina!” Walon
Raja. Atuh ayeuna mah Si Buncireung ukur boga halu bari jeung tacan bisa
makéna, ukur dibabawa ulin wé ka ditu ka dieu bari teu lésot bubu.
Hiji waktu deui indit ka sawah, maksudna rék naheukeun bubu di sawah anu
loba caian. Cag halu teh diécagkeun dina galengan sawah. Naha atuh barang
manéhna keur jongjon memener bubu di sisi sawah anu caina ngagenclang hérang,
bet aya munding sarakit liwat ka dinya – “gerekgek” ngidek halu datang ka
rikesna. Halu potong jadi dua. Si Buncireung ceurik balilihan. Si Buncireung
keukeuh méménta munding jadi ganrina. Nu boga munding rasa teu boga dosa, da
puguh sato-héwan. Pokna téh “teu umum jeung teu kira-kira ari munding kudu
dipaké ngagantian halu mah.”
Lantaran pakeukeuh-keukeuh
bring waé duanana marangkat ka Kangjeng Raja, rék ménta kaadilan. Tapi sakumaha
nu enggeus-enggeus putusan téh mangmeunangkeun deui Si Buncireung. Ngong deui
aya hariring tan katingal. Kieu pokna:
Cir cir, budak buncir,
naheun bubu di cileuncang,
meunang anak anggay-anggay,
si anggay dipacok hayam,
Si hayam katinggang halu,
si halu kaidek munding.
Munding gantina.
“Tah geuning, kadéngé meureun ku saréréa yén anu kudu jadi gaganti banda Si
Buncireung téh munding, da bongan munding ngidek halu bogana Si Buncireung.”
Raja ngalahir.
Si Buncireung bungahna nataku cong nyembah bari ngucap nuhun. Leungit anak anggay-anggay datang hayam, leungit hayam datang halu, ayeuna leungit halu ganti ku munding. Ari munding kapan aya hargaan. Mun dijual aya duitan. Kitu deui mun digawékeun, diséwakeun ka tukang nyambut, meureun meunang pangasilan - ngadatangkeun duit.
Si Buncireung bungahna nataku cong nyembah bari ngucap nuhun. Leungit anak anggay-anggay datang hayam, leungit hayam datang halu, ayeuna leungit halu ganti ku munding. Ari munding kapan aya hargaan. Mun dijual aya duitan. Kitu deui mun digawékeun, diséwakeun ka tukang nyambut, meureun meunang pangasilan - ngadatangkeun duit.
Ayeuna mah boga munding Si
Buncireung téh, munding jalu gedé pisan, tandukna baplang rada dongkol saeutik.
Munding téh sapopoéna dibabawa ulin wé, diangon, dimandian. Resep cenah ayeuna
mah ulin téh bari diuk ‘na tonggong munding. Tapi angger bubu mah teu
tinggaleun, unggal poé dibabawa, lumayan paranti ngala beunteur. Tengah poé
éréng-éréngan munding téh diiuhkeun da geus seubeuheun baranghakan, nyatuan
jukut anu sakitu haréjona, jukut anu keur meumeujeuhna montok. Munding disina
ngiuhan handapeun tangkal buah limus. Demi limus keur meumeujeuhna meuhpeuy
buahan, pakél kénéh meujeuhna cetrokeun, mun dirujak bakal karasa gaharna. Si
Buncireung jongjon naheunkeun bubu dina susukan.
Hanjat ti susukan kakarék gé
gék Si Buncireung diuk gigireun Si Baplang, ana gebut téh Si Baplang katinggang
pakél pas huluna pisan, datang ka paéhna. Si Buncireung ngahuleng, asa teu
percaya. Gerentesna “naha ukur katinggang pakél maké kudu paéh? Ah mana kitu gé
kersa Gusti.” Tapi angger ari hanjelu mah. Terus manéhna datang ka nu boga
tangkal buah limus, ménta éta tangkal buah limus jadi gantina, da nu
enggeus-enggeus gé kitu – jero pikirna. Ari nu boga tangkal limus kalah
ngajawab “kop waé ari pakél mah pira gé pakél, ngan ari kudu ngagantian jeung
tangkalna mah teu kira-kira atuh, barina gé salah saha ngiuhkeun munding
handapeun tangkal limus nyaho keur pakélan bari keur gedé angin.” Omongna
nyalahkeun.
Lantaran keukeuh ménta tangkal
buah limus, kapaksa nu boga tangkal limus téh ngajak ka Kangjeng Raja pikeun
ménta pangadilan. Saperti biasa nu ngadakwa jeung anu didakwa téh ditalék
saurang-saurang. Teu kosi lila ngong aya sora hariring tan katingal. Kieu
pokna:
Cir cir, budak buncir,
naheun bubu di cileuncang,
meunang anak anggay-anggay,
si anggay dipacok hayam,
Si hayam katinggang halu,
si halu kaidek munding,
si munding katinggang pakél.
Pakél gantina.
Jelas tah Buncir? Yén anu kudu jadi gaganti munding téh lain tangkal buah
limus tapi pakélna. Nya ayeuna mah wéyahna waé nyanéh kudu tarima yén pakél
limus téh gagabti munding, jadi banda manéh.
Demi Si Buncireung, mimitina
mah enya asa diteungteuinganan. Piraku ari munding disaimbangkeun jeung pakél
mah. Tapi pikir kituna téh teu lila, manéhna gancang sadar yén takdir teu bisa
dipungkir. “Sumuhun pangersa Gusti, abdi ngésto kana putusan Gusti ku anjeun,
mana kitu parantos milik abdi.” Kitu ceuk Si Buncireung.
Nyaaheun pisan kana pakél téh
ka mamana teu weléh dibabawa, marak jeung naheun bubu ogé dibawa. Pakél téh
dikeukeuweuk ditatangkeup dina dadana. Bérés naheunkeun bubu dina kamalir sawah
anu loba caian gék Si Buncireung diuk dina batu lémprah sisi wahangan anu caina
hérang ngagenclang. Barang rét ka lebah téoh rame barudak awéwé pating cirihil
bari marandi di wahangan, icikibung bari silanglang. Rét kanu saurang anu
rambutna panjang ngarumbay, cicirihilan nyimbeuhan baturna. Barang keur kitu,
teu kahaja éta mojang téh ngarérét deuih ka Si Buncireung anu keur ngaso ‘na
batu lemprah bari nyenyekel pakél limus. Najan rada anggang jelas pisan
katingalieun ku éta mojang. Manahoréng putri Raja anu ngawasa éta nagara.
“Aduh Bibi, ku hoyong teuing
itu anu dicecekel ku budak itu. Suhunkeun Bibi!” Nyi putri ngageur ka
pangasuhna.
“Mana Ndén, naon?” Jawab
Emban, pangasuhna.
“Itu di budak itu, saha sih
Mbi?”
“Euh, éta mah Si Buncireung
atuh Ndén,” ceuk mojang anu saurang – anak patih karajaan.
“Saha Si Buncireung téh Bibi?
Putri nalék deui.
Derekdek ku Bibi Emban
dicaritakeun yén ari téh Si Buncireung budak pahatulalis – geus ditinggalkeun
maot ku indung-bapana. Haténa mah karunyaeun Ndén Putri téh tapi naha anjeunna
banget ku palayeun pisan kana pakél anu dikeukeuweuk ku Si Buncireung.
Gancangna carita éta
paramojang anu limaan téh nyalampeurkeun ka Si Buncireung, ngolo pakél anu teu
lésot tina tangkeupan.
“Buncir weyahna eta pakel
dipenta wae, ieu Ndén Putri palayeun
Cenah eta kudu dibeuli nya dibeuli. Atawa hayang ditukeuran ku
naon?” Emban ngolo ka Si Buncireung.
“Teu bisa Bibi, ieu téh banda
kuring anu ngan sakieu-kieuna.” Jawab Si Buncireung.
“Nyanéh apal teu Buncir, ari
Ndén Putri téh putra saha .....?” Mojang anu katilu nyempal.
“Nya apal atuh. Putra Kangjeng
Raja anu kawentar adil tur wijaksana.” Si Buncireung ngajawab.
“Éta geuning apal. Sok atuh
geura pasihkeun ka Ndén Putri, bisi anjeun dihukuman. Kumaha ké lamun dihukum
gantung?” Si Emban nyinsieunan.
Mireng omongan Si Bibi Emban
kitu Si Buncireung reuwaseun. Haténa ngaleketey inggis jeung paur. Asa enya
tihang gantungan téh geus di hareupeun. Éléh déét, song waé éta pakél téh
diasongkeun, dipasihkeun ka Ndén Putri, najan haténa mah teu téga ngalésotkeun
kacooan kameumeutna.
Pakél ditampanan ku Ndén
Putri, lajeng dituang. Katingalna raoseun naker.
“Aduh Bibi, Buncir. Enyaan geuning ngeunah pisan ieu pakél téh, karasana gahar tur seger. Eukeur mah tas capé mandi – icikibung jeung silanglang, dahar pakél anu sakieu ngeunahna, jagjag deui yeuh awak téh.” Carios Ndén Putri.
“Aduh Bibi, Buncir. Enyaan geuning ngeunah pisan ieu pakél téh, karasana gahar tur seger. Eukeur mah tas capé mandi – icikibung jeung silanglang, dahar pakél anu sakieu ngeunahna, jagjag deui yeuh awak téh.” Carios Ndén Putri.
Si Buncireung teu loba carita.
Manéhna ngalimba, asa baluas nénjo pakél kameumeutna dikokos Ndén Putri. Léos
waé indit ninggalkeun paramojang anu keur arulin sisi wahangan. Inditna lain ka
saung pangbalikan, tapi kalah asup ka karaton seja pupulih ka Kangjeng Raja.
Barang anjog ka payuneun Raja
derekdek nyaritakeun kajadianana perkara pakél limus anu dituang putri.
“Aduh tiwas Gusti, pakel
gentosan munding téh disuhunkeun ku Ndén Putri, dituang harita kénéh. Atuh
banda abdi téh mung katun ieu waé, bubu anu satia nyarengan.” Ceuk Si
Buncireung ka Raja.
“Baruk.... Kitu sugan? Ké atuh
ari kitu mah dagoan datangna anak kami. Teu hadé ari sidang bari euweuh anu
didakwana. Lamun bener, anak kami kudu dihukuman.” Walon Raja.
Teu kosi lila nungguan, para
mojang sarumping kairing Ndén Putri anu tadi nuang pakél limus. Srog ka
payuneun Raja sejana rék pupulih bané tos ameng mandi di wahangan bari
icikibung jeung silanglang.
“Aeh geuning Buncir aya di
dieu?” Ndén Putri kagét. Tapi Si Buncireung teu léeméek najan sakemék. Ngan luk
waé tungkul, manéhna ngarasa ajrih anu pohara.
Teu diantoskeun lami Kangjeng
Raja gancang nakon ka Ndén Putri, perkara kajadian anu sabenerna kaalaman boh
ku Ndén Putri boh ku Si Buncireung. Ndén Putri ogé teu nampik kana sagala
caritaan anu ditepikeun ku Si Buncireung ka ramana. Sadayana persis sami tur
akur.
Barang keur ngariung
silidugikeun kamandang, ngong aya sora hariring tan katingal. Kieu pokna:
Cir cir, budak buncir,
naheun bubu di cileuncang,
meunang anak anggay-anggay,
si anggay dipacok hayam,
Si hayam katinggang halu,
si halu kaidek munding,
si munding katinggang pakél,
si pakél dituang putri.
Putri gantina.
Atuh pok Raja ngalahir:
“Kapireng ku saréréa? Yén anu
kudu jadi gaganti pakél téh tétéla anak kami – Ndén Putri anu geus kumawani
nyisikudi hak deungeun. Kula moal rék cueut ka nu hideung ponténg ka nu konéng.
Kaadilan perelu diutamakeun. Patih..... tabeuh bendé kabuyutan, embarkeun ka
sakumna rahayat! Kula rék ngawinkeun anak kami ka Si Buncireung!” Kangjeng Raja
ngagalantang.
Cacap Raja ngalahir kitu.
Sakedét nétra salin jinis jadi sinatria anu gagah perkosa, kasep
ngaléempéeréeng konéng, payus ngaréndéng jeung putri raja anu geulisna tanding
widadari. (Dodo Suwondo)
Carita ti Uyut di ka Ninikeun, ti Nini di ka indungkeun, ti Indung di ka kuringkeun
Tidak ada komentar:
Posting Komentar