Minggu, 22 November 2015

Si Buncireung


Jaman baheula aya hiji budak pahatulalis, ngaranna Si Buncireung. Manéhna téh geus teu boga indung ogé teu boga bapa lantaran geus ditinggalkeun maot. Lantaran kitu daharna oge ukur sakapanggihna, kitu ogé lamun aya anu haat méré. Ari pagawéan sapopoéna biasa waé lumrahna budak – ulin.
       Najan pagawéan ukur ulin manehna ogée tétéla Si Buncireung téh budak pinter. Sajeroning ulin Si Buncireung sok naheun bubu – ngala lauk, meureun Si Buncireung sok niténan jalma kolot sok naheun bubu di walungan pikeun ngala lauk.
       Kacaritakeun dina hiji po
é Si Buncireung naheun bubu, tapi lain di walungan, ieu ma naheun bubuna dina cileuncang sanggeus raat hujan gedé. Dina pikirna sugan waé loba jelér atawa tumras nareureus ti wahangan. Sanggeus sabaraha lila éta bubu ku Si Buncireung ditéang tuluy dijait, barang diilikan horéng anu asup kana bubu téh lain lauk jelér atawa tumras, tapi anak anggay-anggay. Ceuk pikirna “keun waé anak anggay-anggay ogé keur batur ulin”.
       Keur anteng ulin, sok anak anggay-anggay téh diteundeun dina luhur batu lémprah, crub bubuna ditaheunkeun deui kana cileuncang. Teu ku hanteu barang Si Buncireung keur ngancrubkeun deui bubu ari cok téh anak anggay-anggay dipacok hayam. Si Buncireung ngahuleng, handeueul, hatena sedih – asa kaniaya. Saterusna Si Buncireung néangan nu boga hayam, rék ménta ganti. Nu boga hayam kalahka ngambek malah ngajak ka Raja. Maksudna ménta putusan saha nu salah?
       Waktu keur ngariung antara Si Buncireung, nu boga hayam, jeung Raja, ngong aya sora hariring tan katingal. Kieu pokna:

Cir cir, budak buncir,
naheun bubu di cileuncang,
meunang anak anggay-anggay,
si anggay dipacok hayam.
Hayam gantina.

Prinsip Pelestarian Planet Bumi

Gunung-kaian,
gawir-awian,
cinyusu-rumateun,
sampalan-kebonan,
pasir-talunan,
dataran-sawahan,
lebak-caian,
legok-balongan,
situ-pulasaraeun,
lembur-uruseun,
walungan-rawateun,
sarta basisir-jagaeun.
Cag.

Wangsit Siliwangi



Pun, sapun kula jurungkeun
Mukakeun turub mandepun
Nyampeur nu dihandeuleumkeun

Teundeun poho nu baréto
Nu mangkuk di saung butut
Ukireun dina lalangit
Tataheun di jero iga!

Saur Prabu Siliwangi ka balad Pajajaran anu milu mundur dina sateuacana ngahiang : “Lalakon urang ngan nepi ka poé ieu, najan dia kabéhan ka ngaing pada satia! Tapi ngaing henteu meunang mawa dia pipilueun, ngilu hirup jadi balangsak, ngilu rudin bari lapar. Dia mudu marilih, pikeun hirup ka hareupna, supaya engké jagana, jembar senang sugih mukti, bisa ngadegkeun deui Pajajaran! Lain Pajajaran nu kiwari, tapi Pajajaran anu anyar, nu ngadegna digeuingkeun ku obah jaman! Pilih! ngaing moal ngahalang-halang. Sabab pikeun ngaing, hanteu pantes jadi Raja, anu somah sakabéhna, lapar baé jeung balangsak.”